Langsung ke konten utama

Postingan

Unggulan

  Sasakala Curug Siliwangi jeung Walungan Cigeureuh Kacaritakeun baheula aya hiji tempat nu mangrupa pangacalikan Prabu Siliwangi pikeun ningtrimkeun diri. Aya deui hiji wewengkon nu katelah Batu Pedang.    Disebut Batu Pedang téh lantaran dina éta patempatan téh aya hiji batu gedé nu di luhur na aya guratan gambar nu ngagambarkeun hiji pedang. Batu éta téh ayana di belah wetaneun Gunung Puntang. Cenah ceuk béja, éta batu téh dikramatkeun. Dihandapna aya tempat paranti ngaruang barang pusaka. Barang pusakana téh mangrupa pedangna Prabu Siliwangi. Kiwari mah kaayaan barang pusaka téh geus euweuh lantaran aya saurang tatapa asal Banten nu manggih jeung ngapimilik barang pusaka. Ngeunaan kumaha patali na Curug Siliwangi jeung Prabu Siliwangi, numutkeun katerang goib nu kacangkem yéh harita aya dua pamadegan    anu béda.    Aya nu miboga pamadegan    yén cenah harita téh Prabu Siliwangi keur leutik kénéh kahampangan di éta tempat (Gunung Puntang) nu matak     tempat éta téh jadi liang cai

Postingan Terbaru